Teuing ti mana mimitina, cek beja ceunah majar lini teh sok ngendog. Duka
kumaha mimitina pangna nepi ka aya dongeng saperti kitu. Can pangangguran
maluruh, saha mimitina nu boga inisiatif. Nu jelas, nepi ka kiwari can kungsi
aya jelema nu kawenehan manggihan endog lini.
Keur budak mah sok jadi pikiran. Enya kitu endog lini teh
aya? Mun aya, di mana ngendogna? Kaciptana teh endogna gede, sagede bal baliter
kitu lah, wareg we mun dikulub teh.
Beuki gede, konsep endog lini beuki laas dina pikiran,
sabab teu cocog jeung rasionalitas. Pan lini mah lain mahluk hirup, jadi moal
mungkin bisa ngendog. Nu angger ti baheula nepi ka ayeuna, mun aya lini sok
gegebegan, sieun. Taun 1978 (mun teu salah), lembur kuring dioyagkeun ku lini
anu lumayan gede. Loba wangunan anu rugrug, bencar, atawa ruksak.
Alhamdulillah, imah kuring teu regrog-regrog, ma'lum imah panggung nu cenah mah
leuwih tahan gempa.
Taun 1982 bulan April Gunung Galunggung bitu. Mindeng
karasa oyagna lini, bubuhan lembur kuring teh kaasup deukeut ti Galunggung.
Lian ti lini, lebuna oge kabagean, nyaeur di buruan imah jeung dina hateup.
Kungsi pabeubeurang lebu Galunggung nutupan panonpoe, nepi ka poek mongkleng
lir ti peuting.
Poe Rebo tanggal 2 September 2009, aya deui lini. Ayeuna
mah kacida gedena malah, nepi ka keur nangtung ge karasa oyag, gagaleongan.
Ketir, sieun, keueung, soal, pagalo jadi hiji. Nu aya dina uteuk ngan ukur ka
mana nya lumpat sangkan salamet, bari mikir ayeuna kitu kiamat teh? Tapi
alhamdulillah, teu cecel teu bocel. Imah, awak sakujur, salamet. Ngan lomari we
tigubra, eusina sabangsaning gelas jeung piring bubuk pisan teu kapuluk.
Di daerah sejen, loba wangunan jeung imah anu ancur.
Harta banda meunang tekang-teking welasan taun ancur sapada harita, teu kapuluk
pisan. Korban jiwa ngaratus. Inna lillahi wa inna ilaihi roji'un. Pulo Jawa
ngungun, sedih kingkin ngarandapan musibah gede saperti kieu.
Mun dianalogikeun kana dongeng endog lini, saestuna nu
jadi endogna teh nyaeta hikmah tina ieu kajadian. Endog nu loba ngandung
vitamin, gede mangpaatna pikeun awak urang. Kitu deui hikmah tina kajadian lini
kamari. Jigana bae eta teh panyepret ti Gusti Nu Maha Suci pikeun urang sarerea
sangkan eling tur napakuran diri. Naon rupa anu karandapan ku urang, boh nu
matak sedih, pon kitu deui nu matak senang, tangtu aya mangpaatna pikeun diri
urang. Musibah kamari anggap bae endog lini anu loba vitaminna, najan karasana
rada hanyir, tapi matak sehat kana awak.
Tidak ada komentar:
Posting Komentar